resensi buku sunda - Andi ds
BAHASA SUNDA
Si Kabayan Jadi Dukun
Judul : Si Kabayan Jadi Dukun
Pangarang : Moh. Ambri
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2009
Jumlah Kaca : 71 kaca
Harga : Rp. 15.000
Unsur intrinsik:
Tema: Dendam pamajikan si Kabayan
Tokoh: Kabayan (kulawarga Kabayan) Antagonis (mertua Ermin, salakina Ermin)
Aliran: Aliran Maju
Sudut pandang jalma katilu: sabenerna tina sudut pandang panulis
Contona: - hoream, teu éra dina nyarita jeung paribasa
Hari Tempat: imah désa
Wanda: sedih jeung senang
Waktos: isuk jeung sore
Sinopsis:
Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul manehna mah. Manéhna ngandelkeun késang pamajikanna keur hirup sapopoé, mun keur daék kakarak manéhna leos ka leuweung ngala suluh. Hiji poé Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana nyarahoeun, Kabayan nampiling Saikem, nu jadi pamajikanna.
Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun di lembur si Kabayan, kabeneran sémah téh nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus. Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri ka salaki pédah kungsi ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti, dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku si Kabayan keur ngayakinkeun.
Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung dua urang anu nu nyebutkeun yén manéhna téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah éta, da geus digebugan. Kabayan dipercaya bisa ngubaran Nyi Hasanah, anak sodagar, nu katarajang panyawat pireu. Saenyana mah Nyi Hasanah téh teu gering nanaon, lantaran manéhna teu resep bapana rék ngawinkeun manéhna ka Haji Latip da geus bogoh ka si Agus.
Sanggeus balik ti imah Nyi Hasanah, Agus nepungan si Kabayan, manéhna ménta tulung ka si Kabayan sangkan manéhna bisa papanggih jeung Nyi Hasanah. Tungtungna mah Agus nyamar jadi pangiring Embah dukun. Basa geus papanggih éta, Nyi Hasanah nu geus teu pireu deui kabur jeung Agus.
Kabayan kanyahoan yén manéhna téh lain dukun beneran. Manéhna di penjara ku pulisi. Lain sedih, Kabayan kakalah atoh hirup di bui da manéhna teu kudu ribed jeung lieur ngurusan urusan di imahna.Tapi angger wé Kabayan bisa bébas, ku lantaran Agus ngajelaskeun perkara nu saenyana.
Kaleuwihan Buku:
Jalan caritana runtuy, loba atikan nu bisa dicandak tina buku novel sunda ieu. Salian ti éta, buku ieu ogé ngahibur ka nu macana, ku kalakuan para palaku dina carita ieu.
Kakurangan Buku:
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohan-nana, contona nu maca bisa ka kécohku saha nu mana Nyi Hasanah téh. Basa nu dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu murangkalih atawa anu awam basa sunda.
Amanat:
Jadi jelema mah ulah kedul jeng bodo, kudu daek ikhtiar neangan usaha kadieu ka ditu, ulah ngandelkeun jalma sejen.
Komentar
Posting Komentar